Padahalmah saleresna
Rumasa kabungbulengan rumasa kapengpeongan
Kapiraray siang wengi Bati huleng jentul
Padahalmah saleresna
Diri pasrah tumarima seja ngestu kumaula
Moal bade baha estu saleresna
Sok sanajan Engkang geus aya nu boga
Abdi moal ngarasula Engkang
Kaleleban kamemelangan
Diri leungiteun puntangan
Nogencang ilang harepan
Duh Engkang..
Aduh Engkang ku harianeun
Abdi pasrah diri Engkang jalir jangji
Aduh Engkang ku teungteuingeun
Ukur nganyenyeri aduh Engkang..
Kanyaah nu kantos katampi
Saleresna ukur ngageurihan ati
Kaasih nu kungsi pasini
Geuning henteu saleresna duh Engkang..
Post a Comment
This blog needed you to understand the word spam - never spam on this blog, although i will not moderate all of it, but you will learn it yourself, educate yourself