Halloween party ideas 2015

Munggaran kedal cintana
Cenah bumi jeung langit saksina
Tapi bumi langit eta keneh
Cintana duka kamana

Harita tigin jangjina
Cenah cinta keur kuring sorangan
Tapi sanggus hirup babarengan
Cinta na duka keur saha

Cinta.. di ayun kaheman di uji tangtungan
cinta rasa was-was rasa kangen awor jeung harepan

horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta
can beunang di tutur-tutur
geus beunang ngolembar luntur

horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta
tepung di rungrum mamanis
papisah pinuh ka peurih

cinta di goda ku rupa, ku harta, ku tahta
cinta.. jodo, pati jeung cilaka takdir ku kersana

horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta
can beunang di tutur-tutur
geus beunang ngolembar luntur

horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta
tepung di rungrum mamanis
papisah pinuh ka peurih

Post a Comment

This blog needed you to understand the word spam - never spam on this blog, although i will not moderate all of it, but you will learn it yourself, educate yourself

Powered by Blogger.